Azadirachta excelsa | |
---|---|
![]() | |
Ki bawang | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | Azadirachta
|
Spésiés: | A. excelsa
|
Ngaran binomial | |
Azadirachta excelsa (Jack) Jacobs
|
Ki bawang (Azadiracta excelsa (Jack) Jacobs) (kahadé pahili jeung Dysoxylum alliaceum) nyaéta hiji tutuwuhan anu sumebar di Asia Tenggara. Ieu tangkal téh pituin ti Myanmar, Thailand, Viétnam, Malaysia, Sumatra, Kalimantan, Sulawesi, Pilipina, Maluku, sarta Papua.[1]
Ieu tutuwuhan téh boga wangun tangkal anu gedé, anu jangkungna bisa kira-kira 45-60 méter. Kulit batangna halus sarta retak di tangkal anu geus kolot.[2]
Daunna héjo, filotaksisna alternate, panjangna nepi ka 30-60 cm. Ieu daun miboga 7-11 pasang anak daun anu panjangna 12,5 cm sarta lébarna 3,5 cm.[2]
Buahna kaasup kana tipeu drupa, warnana héjo nalika atah sarta robah jadi konéng pas asak. Dina hiji buah mibanda hiji siki.[2]