Beling nyaéta bubuk atawa sesemplékan tina bahan kaca atawa bahan gagarabah.[1][2] Harti asal tina kecap beling téh mimitina mah pikeun nyebutkeun bahan kaca atawa gagarabah. Kabéhdieunakeun kecap beling ngalaman éséran makna jadi leuwih heureut (spéalisasi), nyaéta pikeun nuduhkeun sémplékan atawa bubuk tina bahan kaca atawa gagarabah nu geus peupeus. Beling kawilang bahaya lantaran bisa ngabalukarkeun cilaka, kacugak ku beling. Loba barang-barang nu dijieun tina bahan beling di antarana gelas, piring, ringkok, botol, jsb.
Runtah beling nu dihasilkeun tina runtah rumah tangga meureun teu pati loba tinimbang runtah palastik mah. Sok sanajan kitu, runtah beling kawilang bahaya pisan lantaran bisa nyumebabkeun cilaka pikeun nu nincakna, komo mun semplékan beling teu dibubukkeun heula. Résiko badag bisa kacugak beling pikeun nu nincakna, komo mun bari dibarengan ku kokotor mah, bisa ngalantarankeun kaserang ku panyakit tétanus.
Di nagara-nagara maju, beling dipasingkeun jadi runtah nu kagolong bahaya. Nya tadi téa bahayana téh bisa nyilakakeun, nu nincak bisa kasura. Carangka runtah pikeun beling di nagara-nagara maju mah disayagakeun husus, sarua kawas runtah kaléng, disayagakeun husus ogé.[3] Carangka runtah pikeun beling umumna mah warnana kulawu kalawan ditulisan B3, dibarengkeun jeung runtah obat nyamuk jeung sajenis lianna.[4] Sedengkeun di nagara-nagara kumembang kayaning di Indonésia, runtah beling sok dicampurkeun jeung runtah organik, ieu nyumebabkeun loba jalma nu jadi korban, kacugak ku beling nalika masing-masingkeun runtah di tempat pamiceunan ahir runtah.[5]