Bojong/bobojong/(tanjung) nyaéta ngaran anu dipaké pikeun nyebutkeun kana hiji tempat/daratan anu nyolongodor ka cai[1], bisa waé cai dina harti (talaga, situ, walungan, sagara, jeung sajabana).[2] Bojong mangrupa hiji panungtungan anu euwuh deui jalan pameuntasan, ku alatan ieu ngaran tempat disababaraha daérah disaluyukeun kana kaayaan taneuh mangsa harita, Contona waé ngaran daérahna Bojong, bisa waé hartina kaayaana éta tempat di juru/panungtungan/sisi cai".[3] Bojong dina kaayaanna bisa wai hiji daérah/daratan rada luhur, ngagawir, naha taneuh atawa tina batu anu pernahna dikurilingan ku cai.[4]
Di Bandung loba manggihan daérah anu baheulana mangrupa sisi talaga : timimiti Majalaya, Banjaran nepikeun ka Cililin .[5] aya sababaraha daérah anu dimimitian ku kecap bojong, meureun éta nembongkeun kaayan mangsa harita saperti :Bojong, Desa Bojongmalaka, Bojongsoang, Bojongsari, Bojongkunci, Bojongmanggu, jeung réa deui anu séjéna.
Dina sajarahna daérah bojong geus jadi hiji tempat anu merenah pisan dipaké ngawangun bénténg atawa pos jaga contona anu aya di Irlandia, dayeuh kolot Ras Bar Balla di Somalia kidul, kabehanana diwangun dina luhureun bojong.[6]
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |