Docang dina basa Cirebon wancahan tina bodo (baceman oncom dagé) jeung kacang héjo nu dijadikeun kacambah/togé. [1] Docang kaasup salah sahiji kulinér Nasional has Cirebon anu mangrupa campuran lontong, daun sampeu, togé, jeung kurupuk nu dibanjur ku angeun oncom dagé/ancom gembos anu dijieun tina hampas tahu, lelebu suuk (sésa meureut dijadikeun minyak) anu kawentar gempa (ditutuan), jeung parud dawegan.[2] Ieu kadaharan miboga ciri gurih jeung ni'mat lamun dihidangkeun haneut kénéh.[1] Hargana ogé kahontal ku sakabéh tingkatan sosial masarakat. [1] Ku kamekaran jaman bisa waé docang téh jadi kadaharan nu asup ka réstoran atawa hotél gumantung kana kréasi anu rék dijieun tina kadaharan tradisional anu geus aya ti générasi ka générasi.[2]
Kacaritakeun jaman baheula para Wali keur nyumebarkeun agama Islam di tatar Jawa Kulon utamana daérah Cirebon. [3] Pangéran Rengganis nu harita keur ngawasa teu panujueun ku ayana pergerakan kaislaman, malah geus ngararancang rék ngabaruang para Wali ku cara susuguh nu pibahayaeun kana nyawana. [3] Para Wali nu keur ngariung di Masjid Sang Cipta Rasa disuguhan kadaharan anu ayeuna disebut docang. [3] Lain tiwas dibaruang, para Wali kalah resepeun malah ka karajaan nitah deui sangkan disayagakeun deui kadaharan anu kawas kitu. [3]