Hantap | |
---|---|
Hantap, Pterocymbium tinctorium yi Hurun, Padang Cermin, Pesawaran | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Tribus: | |
Génus: | |
Spésiés: | P. tinctorium
|
Ngaran binomial | |
Pterocymbium tinctorium | |
Sinonim | |
Hantap; Tongtolok (Pterocymbium tinctorium) nyaéta hiji tangkal kai anu asalna tina kulawargga Malvaceae, masih kénéh barayana Sterculioideae (méméhna, suku Sterculiaceae). Tangkal hantap kasohor ngahasilkeun kai anu hadé, hirup nyebar di Asia Tenggara jeung Kapuloan Nusantara beulah kulon.[3]
Garan-ngaran daérahna, saperti: gelumbah (Sum.);[3] tongtolok, beurih, hantap heulang (Sd.); tolok, winĕng, wining, wunung, munung, sriwil (Jw.); barih, binéng (Md.);[4] tolutu (Sulw.); taluto (Fil.); teluto (Sabah), jeung sajabana.[3]
Tangkal mibanda ukuranna gedé nepi ka sedeng; jangkung nepika 40(-50) m, tangkalna leceng ka luhur 30 m buleudan tangkalna bisa nepika 90 cm.[3] Kulit palebah luar kulawu pias nepika rada oranyeu, lemes, dibarung ayana anu ngajarendil kawas kutil, kelirna poék kalawan sumebar rata;[5] kulitna karadak.[3] kulit jerona hipu, beureum daging gugururatan bodas, geutah semu konéng.[3][6]
Daun ngentep dina régang, ngurilingan, gagangna anu panjang. Rubak daun ngawujud écéng aya ogé anu kawas endog , méncos ka tungtung, palebah luhurna lemes, palebah handapna buluan lemes, dina puhuna mibanda 5-7 tulang daun ngaramo. Kembang wujudna ngaranggeuy;malai bijil tina kélék daun atawa tungtung dahan, ngagantung saeutik. kembang berkelamin tunggal, bilangan-5; kelopakna ngawujud locéng, tungtungna buluan, panjang taju sahenteun setengah tina panjang buleudan kelopak kembangna, semu héjo nepika wungu atawa beureum, henteu coplok nepikeun ka jadi buah; mahkota teu aya. Buah 4-5 di jero hiji gagang (kelopak), pipinding na ipis kawas kertas, muka hiji sisina saméméh asak, wujud parahu nangkub congona ngajendul bari nikel; siki sahiji di puhuma, buleud henteu jangjangan.[3]
Hantap loba kapanggih hirup ti mimiti Burma, Thailand, Indocina, Semenanjung Malaya, Sumatra, Kalimantan, Jawa, Nusa Tenggara, Sulawesi, dan Filipina.[3]
Ieu tangkal ilahar kapanggih hirup di daérah aluvial;[6] ogé kapanggih hirup di leuweung-leuweung anu héjo, leuweung anu sok ngarangrangan, ogé di leuweung anu caang, di daérah anu sakapeung sok kahalodoan, taneuh luhur anu tonghona di palebah 1.000 m dpl.[3]
Hantap kagolong tangkal anu rangsog atawa gancang ngagedéan. Di hiji leuweung anu aya di nagara Pilipina tangkal hantap anu umurna 11 taun, rata-rata jangkungna 25,4 m, dahanna 17,6 m, kalayan buleudana 35,2 cm. Dilaporkeun ogé cenah diaméter rata-rata 2 cm sataun dina waktu 30 taun.[3]
Hantap ngahasilkeun kai anu kawilang hampang (beurat jinisna 0,25-0,41, rata-rata 0,31 g/cm³)[7], dimangpaatekun pikeun nyieun korék api,[4] papan cor (begisting), kukumbul jaring, sampan, peti-peti wadah, karajinan tangan, jeung sajabana. Bisa dimangpaatekun pikeun nyieun venir, tripleks, ogé bubur kertas pulp. Dina kagiatan balantik kai ieu dipiwanoh ku ngaran amberoi.[3]
Kulitna dimangpaatekun pikeun nambahan kelir hideung kana lawon katun. Kitu deui harambayna dimangpaatkeun pikeun nyieun tambang .[3]
Bisa waé aya parobahan, sahenteuna kiwari aya tilu variétas Pterocymbium tinctorium:
Dalah tikitu para ahli tacan sapuk sagemenglengna ngeunaan éta taksa.[3] sawaréhna boga pamanggih yén P. javanicum aya dina golongan spésiés.[8][9] Masih diperlukeun panalungtikan leuwih jero pikeun manggihan kacindekanna.