Pabrik | Honda Racing Corporation |
---|---|
Produksi | 2006-2011 |
Nu miheulaan | Honda RC211V |
Gantina | Honda RC213V |
Mesin | 800 cc (49 cu in) 4-tak V4 |
Pakait jeung | Honda CBR600RR Honda CBR1000RR |
Honda RC212V nyaéta motor balap nu dimekarkeun pikeun balap di MotoGP 800 cc (49 cu in).[1] Sacara resmi diwanohkeun tanggal 30 Oktober 2006 minangka gaganti RC211V di MotoGP, dimekarkeun ku Honda Racing Corporation (HRC) taun 2006 sarta sacara remi mimiti dipaké balap dina usum 2007.[1]
Ngaran modél dumasar kana :[2]
Taun 2007, tetekon kelas MotoGP dirobah pikeun ngurangan tanaga motor nu kaleuleuwihi: kapasitas maksimum mesin 4-tak dikurangan ti 990cc jadi 800cc.[3] Honda medalkeun RC212V minangka gaganti RC211V pikeun nyumponan tetekon kalayan ngaganti mesin V-5 ku mesin V-4.[3]
Dani Pedrosa jeung Nicky Hayden mangrupa tim balap pabrikan nu dirojong sagemblengna ku pabrik, sedengkeun Marco Melandri, Toni Elías, Carlos Checa, sarta Shinya Nakano mangrupa tim satelit.[1] Saacan balapan usum 2007 dimimitian, Melandri cumarita, "Dina sababaraha tés panungtungan kuring nempo pamekaran nu ngaronjat dina motor Pedrosa, tapi urang mah can kabagéan suku cadang anyar ti Honda."[4]
Sanggeus sababraha rintakan, purah balap Honda teu bisa nyumponan nu dipikaharep, pupuhu HRC Satoru Horiike rumasa yén geus nyieun kasalahan dina pamekaran motor.[5] Melandri mutuskeun pikeun pindah ka tim Ducati taun 2008[6], cenah mah cukang lantaran ningalkeun Honda pedah timburu kana motor Pedrosa.[7] Panungtungan taun 2007, aya tanda-tanda pikeun ngaronjat, kalayan tim Repsol Honda ngahontal posisi pole kalima dina usum ieu sarta Pedrosa meunang dina rintakan panungtung di Valencia.[8]
Pikeun taun 2008, HRC ngarancanakeun pikeun migunakeun pneumatic valve springs sarta sasis anyar.[9] Pamuseuran beurat dina model taun 2007 dianggap jauh teuing, minagka gantina modél 2008, ngurangan panas sarta ngaronjatkeun kasaimbangan.[10] Tim pabrikan nyaéta Pedrosa (nepi ka taun 2009[11]) sarta Hayden (nepi ka taun 2008[12]). Purah balap tim satelit nyaéta Nakano,[13] Andrea Dovizioso,[14] Randy de Puniet[15] and Alex de Angelis.[16]
Pedrosa jeung Hayden mecakan motor mesin taun 2007 sasis taun 2008, sarta masih can nyumponan nu dipikaharep, tim Repsol Honda migunakeun mesin vérsi taun 2007 dina rintakan latihan mimiti pikeun tujuan babanding.[17] Pikeun balapan, Pedrosa milih sasis taun 2008 nu dirévisi sedengkeun Hayden milih taun 2007.[18] Mesin pneumatik mimiti dipaké balap ku Hayden di Donington, sarta manéhna didakwa ngamekarkeun mesin anyar pikeun sésa usum ieu (Pedrosa mutuskeun pikeun neruskeun maké mesin kelép konvénsional).[19] Masalah elektronik di rintakan Assen nu ngabalukarkeun Hayden béakeun bahan beuleum saacan gurat finish, nu ngalantarankeun Colin Edwards nyiap sarta ngahontal posisi sésa podium.[20]
Dina rintakan ka 13 Pedrosa ngabéwarakeun ngagantii gilinding ku Bridgestone pikeun sésa usum,[21] sarta manéhna ogé ngarancanakeun mimiti balap maké mesin kelép pneumatic dina rintakan ka in the 14 di Indianapolis.[22]
Béda ti tim Honda lianna, Tim LCR de Puniet maké suspénsi Öhlins tibatan suspénsi Showa.[23]
Pikeun taun 2009, purah balam tim pabrikan nyaéta Pedrosa jeung Dovizioso, sarta purah balap tim satelit nyaéta Elías, De Angelis, de Puniet sarta Yuki Takahashi; Elías dibéré spésifikasi mesin pabrikan .[24] Modél taun 2009 sebagéan badag sarua jeung taun 2008.[25][26] Kabéh RC212V (6 siki) maké mesin kelép pneumatik.[27]
Wakil persidén HRC, Shuhei Nakamoto, cumarita "Mun Dani teu meunang juara dunyaéta téh tanggung jawab Honda, lain tanggung jawab Dani,"[28] Sedengkeun Pedrosa cumarita "Kuring geus cumarita ka (Nakamoto) ogé geus cumarita ka unggal jalma, tapi sigana éta tilu taun carita nu sarua. Nu dipikahayang geus katempo datang, lain ukur dédéngéan, cumarita, atawa gempungan. Kuring nyatakeun hébat, hatur nuhun, ieu hadé."[29]
Saacan rintakan ka 6 di Katalunya, Dovizioso ngarasa hanjelu yén Pedrosa baris dibéré prioritas tés sanggeus balapan, kaayaan kondisi fisik urang Spanyol nu butut moal ngahontal évaluasi nu produktif.[30] Dina balapan, Dovizioso anggeus di posisi ka 4 sarta Pedrosa di posisi ka 6, sarta Pedrosa ngabéwarakeun manéhna moal ngalakukeun tés.[31] Migunakeun sasis anyar, Dovizioso mangrupa purah balap nu pinunjul dina tés éta.[32]
Mangsa latihan rintakan ka 7 di Assen Pedrosa nyebutkeun yén sasis anyar ngaronjatkeun dina pangeréman jeung stabilitas, tapi boh Pedrosa atawa Dovizioso labuh dina balapan dina péngkolan nu sarua.[33] Dina rintakan saterusna di Laguna Seca, Pedrosa meunang balapan, sedengkeun Dovizioso labuh.[34]
Mangsa tés sanggeus balapan di Brno, tim Repsol mecakan komponén suspénsi Öhlins, nu nepikeun ka kiwari keur maké Showa.[35] For the San Marino round, Dovizioso will use Öhlins and Pedrosa will use Showa suspension.[36]
Usum taun 2009 lekasan kalayan 3 kali kameunangan pikeun tim Repsol Honda —2 kali pikeun Pedrosa sarta sakali pikeun Dovizioso—sarta juara ka 2 konstruktor pikeun Honda.[37] Pedrosa jeung Dovizioso ngahontal waktu panggancangna ka 3 jeung ka 6 dina mangsa 3 poé tés.[38][39]
Pikeun usum balap 2010, purah balap tim pabrikan nyaéta Pedrosa jeung Dovizioso, sarta purah balap tim satelit nyaéta Hiroshi Aoyama, de Puniet, Melandri sarta Marco Simoncelli.[40] Sistim éléktronik dironjatkeun, sarta motor leuwih pondok kalayan puseur gravitasi leuwih luhur.[41] Ogé, Honda ngarékrut Andre Zugna jeung Cristian Battaglia, baheulana insinyur balap tim Yamaha , sarta Carlo Luzzi, baheulana teknisi télémétri Jorge Lorenzo di Yamaha.[42]
Dumasar hiji panalungtikan tés saacan usum balap di Sepang jeung Qatar, Dovizioso rata-rata ngalakukeun tés di posisi katilu, sedengkeun Pedrosa di posisi kasalapan.[43] Pedrosa humadeuar masalah suspénsi jeung sasis,[44] sarta di usum balapan mimiti di Qatar, Dovizioso anggeus di posisi katilu, sedengkeun Pedrosa anggeus di posisi katujuh.[45] Pedrosa ngarasa motorna oyag-oyagan di bagéan hareup nalika lempeng, sarta Honda nétélakeun yén maranéhna geus nyieun kasalahan dina ngadesain sasis.[46]
Kalayan rintakan saterusna di Jerez, Pedrosa maké motor sasis anyar[47] sarta anggeus balapan di posisi kadua sarta Dovizioso anggeus di posisi kagenep; dina mangsa tés sanggeus balapan, Pedrosa anggeus leuwih gancang sarta Dovizioso di posisi kalima, Pedrosa migunakeun motor kalayan leungeun ayun (swingarm) anyar jeung sasis anyar.[48][49] Pedrosa cumarita sarta Honda negeskeun yén masalah sénsor bahan beuleum nu ngabalukarkeun RC212V ngalaunan di lap panungtung.[50]
Di rintakan katilu di Le Mans, Dovizioso anggeus balapan di posisi katilu sarta Pedrosa di posisi kalima kasiap di lap panungtung ku Dovizioso jeung Hayden, tuluy Pedrosa ngalaporkeun lantaran aya masalah dina rém tukang.[51] Melandri balik deui maké suspénsi Showa sarta anggeus balapan di posisi kagenep.[52] Di rintakan ka genep di Mugello, Pedrosa meunang balapan, Dovizioso anggeus di posisi katilu sarta Melandri anggeus di posisi kalima. [53] Pedrosa migunakeun suspénsi tukang taun 2009.[54] Dina mangsa latihan mimiti di rintakan ka 14 di Motegi, kabel gas macét sarta ngabalukarkeun Pedrosa kacilakaan nu ngabalukarkeun tulang salangkana potong, antukna manéhna teu milu balapan.[55] Di rintakan ka 16 di Australia, Dovizioso motorna aya masalah antukna teu anggues balapan.[56] Usum balapan réngsé kalawan Honda ngahontal juara kadua konstruktor MotoGP kalawan peunteun 342, kacék 62 di tukangeun Yamaha juara kahiji sarta 56 di hareupeun Ducati juara katilu.[57]
Pikeun taun 2011 tim pabrikan dirojong ku Andrea Dovizioso, Dani Pedrosa, Casey Stoner, sarta Marco Simoncelli sedengkeun purah balam tim satelit nyaéta Hiroshi Aoyama and Toni Elías. Purah balap Honda pinunjul dina mangsa tés saacan usum balapan.[58] Frame geometry and rigidity are the same as the previous year, making the 2011 bike an evolution of the 2010 version. Salah sahiji pamekaran mesin 2011 nyaéta "transmisi tanpa wates".[59] Stoner jeung Dovizioso milih maké sasis taun 2011, sedengkeun Pedrosa milih angger migunakeun vérsi taun 2010 nu leuwih fléksibel .[60][61]
Sanggeus rintakan katilu di Estoril, Dovizioso mimiti migunakeun desain kupling anyar pikeun ngurangan motor ajol-ajolan nalika ngerém.[62]
Honda ngahontal juara konstruktor kalayan 13 kali kameunangan nyaéta Stoner sapuluh kali meunang sarta Pedrosa tilu kali meunang.[63]
2007[64] | 2008[65] | 2009[66] | 2010[67] | 2011[68] | ||
---|---|---|---|---|---|---|
Panjang | 2,050 mm (80.7 in) | 2,060 mm (81.1 in) | 2,052 mm (80.8 in) | |||
Rubak | 645 mm (25.4 in) | |||||
Jangkung | 1,125 mm (44.3 in) | 1,110 mm (43.7 in) | ||||
Jarak gilinding | 1,440 mm (56.7 in) | 1,450 mm (57.1 in) | 1,435 mm (56.5 in) | |||
Jarak jalan | 125 mm (4.9 in) | 115 mm (4.5 in) | ||||
Beurat | over 148 kg (326 lb) | over 150 kg (331 lb) | ||||
Tipeu mesin | Liquid-cooled, Four-stroke, DOHC 4 Valve, V-4 | |||||
Kapasitas | 800 cc (49 cu in) | |||||
Tanaga Maksimal | Over 210 PS (154 kW; 207 hp) | Over 155 kW (208 hp) | ||||
Tipeu Sasis | Aluminum Twin-tube | |||||
Ukuran Gilinding | ||||||
Hareup | 16 in (41 cm) | 16.5 in (42 cm) | ||||
Mérek | Michelin | Michelin, Bridgestone | Bridgestone | |||
Tukang | 16.5 in (42 cm) | |||||
Suspénsi | ||||||
Hareup | Telescopic fork | |||||
Suspénsi | Showa SPL | Showa SPL, Öhlins | Öhlins | |||
Tukang | New Unit Pro-link | Pro-link | ||||
Kapasitas Bahan Beuleum | 21 L (4.6 imp gal; 5.5 US gal) |
Meunang Gelar
Purah balap: 2011 (Casey Stoner) [63]
Konstruktor: 2011 [63]
Meunang Balapan
Total: 24
2011: Stoner 10, Pedrosa 3 [63]
2010: Pedrosa 4 [57]
2009: Pedrosa 2, Dovizioso 1 [69]
2008: Pedrosa 2 [70]
2007: Pedrosa 2 [71]
2006: Pedrosa 2 [72]
Pole
Total: 11
2011: Stoner 12, Pedrosa 3 [73]
2010: Pedrosa 4, Dovizioso 1 [74]
2009: Pedrosa 2 [75]
2008: Pedrosa 2 [76]
2007: Pedrosa 5, Hayden 1 [77]
(katerangan) (hasil nu tulisan kandel nandakeun posisi pole; hasil nu tulisan in idéngdék nandakeun lap panggancangna) (tim nu ditulis kandel nandakeun tim pabrikan; purah balap nu ditulis kandel nandakeun tim satelit maké motor pabrikan)
Taun | Gilinding | Tim | No. | Purah balap | 1 | 2 | 3 | 4 | 5 | 6 | 7 | 8 | 9 | 10 | 11 | 12 | 13 | 14 | 15 | 16 | 17 | 18 | Peunteun | Juara |
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
2007 | QAT | ESP | TUR | CHN | FRA | ITA | CAT | GBR | NED | GER | USA | CZE | RSM | POR | JPN | AUS | MAL | VAL | ||||||
M | Repsol Honda Team | 1 | Nicky Hayden | 8 | 7 | 7 | 12 | Ret | 10 | 11 | 17 | 3 | 3 | Ret | 3 | 13 | 4 | 9 | Ret | 9 | 8 | 127 | Ka 8 | |
26 | Dani Pedrosa | 3 | 2 | Ret | 4 | 4 | 2 | 3 | 8 | 4 | 1 | 5 | 4 | Ret | 2 | Ret | 4 | 3 | 1 | 242 | Ka 2 | |||
Honda LCR | 7 | Carlos Checa | Ret | 6 | 12 | 10 | Ret | Ret | 17 | Ret | 11 | 14 | 14 | 10 | 6 | 7 | 18 | 11 | 14 | 12 | 65 | Ka 14 | ||
B | Honda Gresini | 24 | Toni Elías | 14 | 4 | 2 | Ret | Ret | 6 | Ret | 12 | 11 | 7 | 8 | 3 | 15 | 6 | 10 | 104 | Ka 12 | ||||
33 | Marco Melandri | 5 | 8 | 5 | 5 | 2 | 9 | 9 | 10 | 10 | 6 | 3 | WD | 4 | 5 | 5 | 10 | 2 | 4 | 187 | Ka 5 | |||
17 | Miguel Duhamel | Ret | 0 | NC | ||||||||||||||||||||
84 | Michel Fabrizio | 10 | 6 | Ka 21 | ||||||||||||||||||||
M | Konica Minolta Honda | 56 | Shinya Nakano | 10 | 10 | 13 | Ret | Ret | 13 | 15 | 14 | 12 | Ret | 12 | 14 | 10 | 11 | 16 | 13 | 16 | 14 | 47 | Ka 17 | |
2008 | QAT | ESP | POR | CHN | FRA | ITA | CAT | GBR | NED | GER | USA | CZE | RSM | IND | JPN | AUS | MAL | VAL | ||||||
M B[N 1] | Repsol Honda Team | 2 | Dani Pedrosa | 3 | 1 | 2 | 2 | 4 | 3 | 1 | 3 | 2 | Ret | 15 | 4 | 8 | 3 | Ret | 2 | 2 | 249 | Ka 3 | ||
M | 69 | Nicky Hayden | 10 | 4 | Ret | 6 | 8 | 13 | 8 | 7 | 4 | 13 | 5 | DNS | 2 | 5 | 3 | 4 | 5 | 155 | Ka 6 | |||
8 | Tadayuki Okada | 14 | 2 | Ka 21 | ||||||||||||||||||||
JiR Team Scot MotoGP | 4 | Andrea Dovizioso | 4 | 8 | Ret | 11 | 6 | 8 | 4 | 5 | 5 | 5 | 4 | 9 | 8 | 5 | 9 | 7 | 3 | 4 | 174 | Ka 5 | ||
LCR Honda MotoGP | 14 | Randy de Puniet | 9 | Ret | 15 | 13 | 9 | Ret | Ret | 12 | Ret | 8 | 6 | 16 | Ret | 13 | 12 | 9 | 10 | 15 | 61 | Ka 15 | ||
B | San Carlo Honda Gresini | 15 | Alex de Angelis | Ret | 14 | 11 | 16 | 12 | 4 | Ret | 15 | Ret | 4 | 13 | 8 | Ret | 10 | 17 | Ret | 14 | 10 | 63 | Ka 14 | |
56 | Shinya Nakano | 13 | 9 | 10 | 10 | 10 | 9 | 9 | 9 | 8 | 9 | 10 | 4 | 12 | 17 | 8 | 5 | 5 | 7 | 126 | Ka 9 | |||
2009 | B | QAT | JPN | ESP | FRA | ITA | CAT | NED | USA | GER | GBR | CZE | IND | RSM | POR | AUS | MAL | VAL | ||||||
Repsol Honda Team | 3 | Dani Pedrosa | 11 | 3 | 2 | 3 | Ret | 6 | Ret | 1 | 3 | 9 | 2 | 10 | 3 | 3 | 3 | 2 | 1 | 234 | Ka 3 | |||
4 | Andrea Dovizioso | 5 | 5 | 8 | 4 | 4 | 4 | Ret | Ret | Ret | 1 | 4 | 4 | 4 | 7 | 6 | Ret | 8 | 160 | Ka 6 | ||||
LCR Honda MotoGP | 14 | Randy de Puniet | 10 | 11 | 4 | 14 | 8 | 8 | 7 | 9 | Ret | 3 | 10 | 12 | 12 | 11 | 8 | Ret | 11 | 106 | Ka 11 | |||
San Carlo Honda Gresini | 15 | Alex de Angelis | 6 | 13 | 14 | 11 | 15 | 12 | 10 | 11 | 5 | 4 | 8 | 2 | Ret | Ret | 4 | 12 | 10 | 111 | Ka 9 | |||
24 | Toni Elías | 9 | 15 | 9 | 10 | 14 | Ret | 12 | 6 | 6 | Ret | 3 | 9 | 6 | 6 | 10 | 7 | 6 | 115 | Ka 7 | ||||
Scot Racing Team | 72 | Yuki Takahashi | 15 | Ret | 12 | 13 | Ret | Ret | 15 | 9 | Ka 21 | |||||||||||||
41 | Gábor Talmácsi | 17 | 16 | Ret | 15 | 12 | 13 | 14 | 14 | 14 | 13 | 14 | 16 | 19 | Ka 17 | |||||||||
2010 | B | QAT | ESP | FRA | ITA | GBR | NED | CAT | GER | USA | CZE | IND | RSM | ARA | JPN | MAL | AUS | POR | VAL | |||||
Repsol Honda Team | 4 | Andrea Dovizioso | 3 | 6 | 3 | 3 | 2 | 5 | 14 | 5 | 4 | Ret | 5 | 4 | Ret | 2 | 2 | Ret | 3 | 5 | 206 | Ka 5 | ||
26 | Dani Pedrosa | 7 | 2 | 5 | 1 | 8 | 2 | 2 | 1 | Ret | 2 | 1 | 1 | 2 | DNS | DNS | 8 | 7 | 245 | Ka 2 | ||||
Interwetten Honda MotoGP | 7 | Hiroshi Aoyama | 10 | 14 | 11 | 11 | DNS | 12 | 12 | 13 | 10 | 7 | 13 | 12 | 14 | 53 | Ka 15 | |||||||
64 | Kousuke Akiyoshi[N 2] | 15 | 13 | 4 | Ka 20 | |||||||||||||||||||
15 | Alex de Angelis | 12 | 12 | 13 | 11 | Ka 18 | ||||||||||||||||||
LCR Honda MotoGP | 14 | Randy de Puniet | 6 | 9 | 7 | 6 | 6 | 6 | 4 | Ret | 10 | 13 | 13 | Ret | 9 | 10 | 10 | 6 | 10 | 116 | Ka 9 | |||
95 | Roger Lee Hayden | 11 | 5 | Ka 19 | ||||||||||||||||||||
San Carlo Honda Gresini | 33 | Marco Melandri | 13 | 8 | 6 | 5 | Ret | DNS | 9 | 10 | 8 | 8 | Ret | 10 | 9 | 11 | 9 | 9 | 9 | 13 | 103 | Ka 10 | ||
58 | Marco Simoncelli | 11 | 11 | 10 | 9 | 7 | 9 | Ret | 6 | Ret | 11 | 7 | 14 | 7 | 6 | 8 | 6 | 4 | 6 | 125 | Ka 8 | |||
2011 | B | QAT | ESP | POR | FRA | CAT | GBR | NED | ITA | GER | USA | CZE | IND | RSM | ARA | JPN | AUS | MAL | VAL | |||||
Repsol Honda Team | 4 | Andrea Dovizioso | 4 | 12 | 4 | 2 | 4 | 2 | 3 | 2 | 4 | 5 | 2 | 5 | 5 | Ret | 5 | 3 | C | 3 | 228 | Ka 3 | ||
26 | Dani Pedrosa | 3 | 2 | 1 | Ret | 8 | 1 | 3 | Ret | 2 | 2 | 2 | 1 | 4 | C | 5 | 219 | Ka 4 | ||||||
27 | Casey Stoner | 1 | Ret | 3 | 1 | 1 | 1 | 2 | 3 | 3 | 1 | 1 | 1 | 3 | 1 | 3 | 1 | C | 1 | 350 | Ka 1 | |||
7 | Hiroshi Aoyama[N 3] | 8 | 8 (98) | Ka 10 | ||||||||||||||||||||
Honda Racing Team | 72 | Shinichi Ito[N 4] | 13 | 3 | Ka 22 | |||||||||||||||||||
San Carlo Honda Gresini | 58 | Marco Simoncelli | 5 | Ret | Ret | 5 | 6 | Ret | 9 | 5 | 6 | Ret | 3 | 12 | 4 | 4 | 4 | 2 | C[N 5] | 139 | Ka 6 | |||
7 | Hiroshi Aoyama | 10 | 4 | 7 | 8 | Ret | 9 | 11 | 15 | 10 | 9 | 9 | 11 | 11 | 9 | Ret | C | 12 | 90 (98) | Ka 10 | ||||
64 | Kousuke Akiyoshi[N 6] | 13 | 3 (7) | Ka 20 | ||||||||||||||||||||
LCR Honda MotoGP | 24 | Toni Elías | Ret | 9 | 11 | 11 | 13 | 8 | 10 | 15 | 16 | 13 | 11 | 13 | 15 | Ret | Ret | 8 | C | 10 | 61 | Ka 15 | ||
23 | Ben Bostrom | Ret | 0 | NC | ||||||||||||||||||||
64 | Kousuke Akiyoshi[N 7] | 12 | 4 (7) | Ka 20 |
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Honda RC212V . |
Balap motor Grand Prix, 2000–2009
| |||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
Seri | Pabrik | 2000s | |||||||||
0 | 1 | 2 | 3 | 4 | 5 | 6 | 7 | 8 | 9 | ||
MotoGP 500 cc 990 cc 800 cc |
Aprilia | RSW 500 | RS Cube | ||||||||
Ducati | Desmosedici GP3/GP4/GP5/GP6 | GP7/GP8/GP9 | |||||||||
Honda | NSR500 | RC211V | RC212V | ||||||||
Ilmor | X3 | ||||||||||
Kawasaki | ZX-RR | ZX-RR | |||||||||
Suzuki | RGV500 | GSV-R | GSV-R | ||||||||
Team Roberts | Proton KR3 | Proton KR5 | KR211V | KR212V | |||||||
Yamaha | YZR500 | YZR-M1 | YZR-M1 | ||||||||
250 cc | Aprilia | RSW 250 | RSA 250 | ||||||||
Gilera | RSW 250 | RSA 250 | |||||||||
Honda | NSR250 | RS250RW | |||||||||
RS250R | |||||||||||
KTM | 250 FRR | ||||||||||
Yamaha | YZR250 | ||||||||||
TZ250 | |||||||||||
125 cc | Aprilia | RSW 125 | RSA 125 | ||||||||
Derbi | 125 GP | RSW 125 | RSA 125 | ||||||||
Gilera | 125 GP | RSW 125 | |||||||||
Honda | RS125R | ||||||||||
Italjet | F125 | ||||||||||
KTM | 125 FRR | ||||||||||
Loncin | 125 | ||||||||||
Malaguti | 125 | ||||||||||
TSR-Honda | AC11M/AC12M |