Hoé Badak | |
---|---|
Hoé badak, Plectocomia elongata Ti Kabandungan, Sukabumi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | P. elongata
|
Ngaran binomial | |
Plectocomia elongata | |
Sinonim | |
|
Hoé badak; (Plectocomia elongata) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Arecaceae.[2] Kagolongkeun tutuwuhan palem-paleman (Palmae) loba kapanggih hirup menyebar di Asia Tenggara utamana di Indonésia beulah kulon.[3] Palma ieu ngahasilkeun hoé anu ukuranna gedé, tapi nepi ka kiwari tacan pati dimangpaatkeun utamana dina widang industri.[2]
Hoé Badak mibanda ngaran daérah kayaning: bubuay, bubuway, hoé badak (Sd.); jeung pĕnjalin warak (Jw.)[4][5]
Hoé anu ukuranana gedé, tunggal aya ogé anu ngadapur, ngarambat panjang bisa nepi ka 30-50 m. Tangkal ukuran gedé, diaméter palapah daun nepika 25-100 mm. Daun ukuran gedé, panjang nepika 6–7 m, termasuk sirus 3 m sarta palapah daun 20-30 cm. Palspah daun kelirna héjo, carucukan horizontal atawa ngéntép kawas sisir miring (roset). Anak daun aya 50-60 di katuhu rakis, wujudna pita lonyod, ngéntép teu sajajar atawa ngumpul 2-3. Palebah luhur anak daun héjo ari palebah handapna semu bodas.[6]
Perbungaan; kembang bijil di tungtung, aya kana 7-10 bongkol paranjang nepika 80 cm kelirna bodas susu.[5] Buah diaméterna lk. 1,5 cm, ditutupan ku sisit-sisit anu kelirna coklat semu beureum. Siki diaméterna kurang leuwih 1 cm.[6] Usum kembangan bulan Juni - Agustus, dituluykeun usum buahan nepika Desember.[7] Buahna coklat, tur buluan.[5]
Disebut hoé badak alatan ukuran tangkalna gedé, teuas jeung heuras kawas kulit badak. Mangsana geus kolot réngsé buahan, hoé ieu lalaunan paéh sorangan.[5]
Hoé badak loba kapangg hirup ti mimiti Vietnam, Malaysia, Brunei, Sabah, Sarawak, Sumatra, nepi ka Jawa.[8]. Belum lama ini didapati pula di Kamboja[9] Varietas philippinensis dipikanyaho hirup nyebar di pulo-pulo Palawan, Biliran, jeung Leyte, Pilipina.[10]. Hoé ieu utamans kapanggih di dataran landeuh nepika daérah tonggoh 1.200 m dpl[6]
Hoé badak ngahasilkeun tangkal hoé anu kelirna coklat nepika coklat semu beureum, kalayan diaméter nepika 9 cm tur panjang buku-bukuna antara 30–40 cm. Hoé ieu jarang dimangpaatkeun, kajaba ka dieunakeun dimangpaatekun pikeun rangka mebel. Buahna ieu dihakan ku lutung.
Geutahna diinum atawa dibalurkeun kana awak pikeun narékahan nyeri awak atawa galingging. Geutah anu didéang sakeudeung dina bumbung awi bisa dimangpaatekun pikeun ngubaran raheut. Buahna bisa sa didahar; kitu deui malai/bunganya di Jawa kulon dimangpaatekun pikeu mapaésan gapura.[4]