Jajaruman | |
---|---|
![]() | |
Jajaruman, Schoenoplectiella mucronata ti Bussu, Désa Tadisi, Sumarorong, Mamasa | |
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | S. mucronatus
|
Ngaran binomial | |
Schoenoplectiella mucronata | |
Sinonim | |
Sinonim selengkapnya, lihat The Plant List [4] |
Jajaruman; walini (Schoenoplectiella mucronata, sin. Scirpus mucronatus) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawargga Cyperaceae. Loba kapanggih hirup tur nyebar di wewengkon haneut (Eropa, Asia, Australia) ieu tutuwuhan mangrupa hama pikeun pepelakan, tapi sok remen dimangpaatkeun pikeun bahan anyaman.
Jajaruman mibanda ngaran daérah, saperti: kumbuĕh, mansiro kumbuĕh, mansiro hitam (Mink.); kercut, mansiang agam (Mly.); méndongan (Jw.); pusu (Minh.)[5] ogé dipiwanoh sebutanna ma'siang (Sim.); bubundelan (Bant.); walini, jajaruman (Sd.); maufles, ututu (Tim.); jeung réa-réa deui.[6] Dina basa Inggris, jukut ieu disebut bog bulrush, rough-seed bulrush, atawa ricefield bulrush.
Hirupna nahun, Beutina pondok, tangkal ajeg kaluhur, dapuran ngarungkun, siku tilu sisina rada kewung ka jero, lemes, ½-1 m × (2-)3-8 mm. Daun-daun laleutik katempo kawas seludang anu mangrupa lamad, teu bogaeun lambaran daun, kelirna kawas jarami nepika semu coklat.[6]
Kembang perenahna di gigir (pseudolateral); kawas pendul, mibanda 4-25 spikelet (aya ogé anu gagangan pondok, ipis), diaméter pendul nepika 4 cm; daun pelindung (salumpit) katempo kawas sambungan tina tangkalna, sarua tilu siku, 1-10 cm, mimitina ajeg, aya ogé anu déngdék atawa ngeluk ka handap. Spikelet pajejel-jejel dina tempatna, buleud endog nepika wujud gelendong; sambungan heureut mencos, 10-20 × 4-6 mm, kalawan loba kembang anu ngentep padet, kelirna kawas jarami nepika semu coklat.[6][7]
Jukut jajaruman nyebar kalawan lega di wewengkon ugahari jeung tropis, mimiti ti Éropa kidul nepi ka Jepang, sarta ngaliwatan Asia kidul, Asia Tenggara jeung Nusantara nepi ka Australia. Jukut ieu langka katempo hirup di Afrika tropis. Di Indonesia, jajaruman kapanggih hirup di sakabéh Propinsi kajaba Maluku.[6][7]
Jukut ieu hirup di lahan baseuh, rawa-rawa, susukan, balong, sisi situ; remen katempo rungkunna mayakpak, atawa bareng jeung Leersia hexandra.[6] Sakapeung ogé di sawah-sawah Nu kakeueum, sawah landeuh, jeung pasawahan pasang-surut, lamun seug diantepkeun ieu jukut aya poténsi jadi gulma, sanajan kagolongkeun gulma minor.[7] Ditemukan pada elevasi 0 hingga lk. 2.100 m dpl.[6]
Tangkalna sok dimangpaatekun pikeun bahan nyieun samak, karung béas jeung rupa-rupa karinjang. Pikeun ieu kabutuhan, di Minangkabau, jajarunan malah ngahaja dipelak di sawah-sawah jeung lahan anu kakeueum ku cai. Tangkalna engké dipanén mangsa geus umur 3-4 bulan, dipipitan tangkana, tuluy dipoé dinu negrak salila 1-2 hari kumaha cuacana. Mun geus garing, tuluy dijait ditunda heula sababaraha poé di imah anu iuh sangkan leumpeuh, tuluy waé ieu tangkal nu geus garing téh dirarata maké sapotong awi sangkan hérang tur gampang dipigawé.[5]
Sagigireun ti éta, tangkalna ogé dimangpaatekun pikeun tali pameungkeut di warung-warung jeung pasar-pasar tradisional di Sumatra Barat,[5] kiwari geus diganti ku tali rafia.[7]
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |