Kadongdong cina | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Subfamili: | |
Génus: | |
Spésiés: | P. fruticosa
|
Ngaran binomial | |
Poluscias fruticosa Miq.
| |
Sinonim | |
Referensi:[1]
|
Kadongdong cina; Daun berlangkas (id); Spondias pinnata (L.f.) nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Araliaceae. Tangkalna ngarungkun, remen dimangpaatkeun dauna pikeun sayureun jeung lalab. Daunna kawas daun kadongdong, kusabab kitu ieu tutuwuhan sok disebut tangkal kadongdong.
Tangkal kadongdong cina, mibanda sababaraha ngaran daérah kayaning : daun papéda papua (Amb.), kadondong laut, kadondong cina (Sund.), kědondong laut (Jw.), kadundung patedhan (Mad.), bombu, puding (Melayu dan Mak.), keudem rinték (Minh.), gurabati, tampusong (Tern.), jeung déwu papua.[2][3]
Di luar negeri, ieu tangkal dipiwanoh ku kuku garuda, pokok teh (Mly.), ming aralia, aralia (Ing.), dan bani, makan, juga papua (Fil.).[4]
Kadongdong cina, tangkalna ngarungkun;perdu ajeg kaluhur.[2] atawa tangkal leutik anu jangkungna nepi ka 2-3 m. Tangkalna ajeg, mibanda kai, buleud, héjo semu konéng. Daunna buleud endog, nemprak aya ogé anu galing, sisi daun rérégéan. Tulang daun kawas cécépét, kurang leuwih 8–15 cm × 3–7 cm.[3][4] Kembangna aya 5-8 kuntum anu ngéntép dina tempat kawas payung, sarta kelirna héjo tur laleutik .[5] Bijil tina handapeun cupat daun, kelopakna ngawujud mangkok, bertaju, kelopak kembang ngawujud mangkok, mahkota kembang wujudna buleud endog, lemes, benang sari silindris, sarta kelirna konéng. Buahna kagolongkeun buah buni, buleud, jeung kelirna héjo semu wungu. Sikina buleud dempak kelirna hideung. Sedengkeun akarna kasebut akar tunggang kelirna coklat.[3]
Kadongdong cina aslina ti daérah Pasifik, sarta geus nyebar nepi ka Éropa. Di Indonésia, loba dipelakeun di kebon, buruan, sisi jalan, sarta pager hirup anu digunakeun minangka wates jeung lahan batur. Hirup kalawan subur di buruan.[5] Di Jawa, kadongdong cina remen dipaké pikeun tutuwuhan wates. Di Viétnam, kadongdong cina dipelak dimangpaatekun pikeun ubar.[1] Numutkeun Heyne ceuk pamanggih Rumphius cenah ieu tutuwuhan asup ka kota Ternate, Kota Ambon sabagé pepelakan hias. [2]
Kadongdong cina dimangpaatekun pikeun lalaban. Didagangkeun utamana di pasar-pasar di Jawa Kulon. Masarakat ngala dauna tina hasil melak di sabudeureun imahna séwang-séwangan, remen ogé dipaké pikeun pagar hirup. Alatan daunna katempo éndah, spésiés ieu remen dijadikeun pepelakan hias.[5] Sagigireun kitu, daun, pucuk ngora, jeung akar dikonsumsi atahna bisa ogé dikulub heula. Baheula , di Ternate, masarakat ngasakan daun kadongdong cina jeung lauk sumawona dagingmah pikeun campuran sayur. Rumphius negeskeun yén rasa tina sakabéh bagéan tangkal kadongdong cina karasa seukeut. Sagigireun ti éta, W.G. Boorsma sakumaha anu dikutip ku Heyne, nétélakeun yén akar kadongdong Cina rasanya hambar. Akar jeung daun dibebek terus digodog tuluy di saring, biasa dimangpaatekun pikeun ngubaran hésé kahampangan.[2] Ieu tutuwuhan ogé dimangpaatekun pikeun ubar di Viétnam, Jawa, Fiji, jeung Kamboja pikeun analgesik, obat penurun panas, tur ngalancarkeun kahampangan. Tangkal dimangpaatekun pikeun dupa ku pandeta Buddha di Kamboja.[1]
Tutuwuhan ieu ogé mibanda niléy ékonomi, ti saprak taun 1970 patani di daérah Kabupatén Sukabumi melak ieu kadongdong cina pikeun tutuwuhan hias sarta dijual ka nagara Koréa jeung Jepang harga satangkalna10 ribu Rupiah pikeun tangkal anu nincak umur 18 bulan.[6]
Wikispecies mibanda émbaran ngeunaan: ming aralia |