Ki tamiang | |
---|---|
![]() | |
Daun Ki tamiang | |
Klasifikasi ilmiah ![]() | |
Missing taxonomy template (fix): | Celtis |
Spésiés: | Template:Taxonomy/CeltisC. timorensis
|
Ngaran binomial | |
Template:Taxonomy/CeltisCeltis timorensis | |
Sinonim[2] | |
|
Ki tamiang; Celtis cinnaniomea; sok disebut ogé stinkwood atawa stinking wood, nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga Cannabaceae. [3]
Ki tamiang loba kapanggih hirup di wewengkon Asia tropis, ngaran spésiés na dicokot tina ngaran hiji pulo, tayalian pulo Timor [4]
Ciri anu paling kasohor tina tangkal ki tamiang tayalian bau kotoran anu kuat anu kaluar tina kulit sareng geutahna, kaangseu ka sabudeureun. Ieu alatan ayana sanyawa organik bau skatole. Di Thailand, katelah kæ̂ng k̄hī̂ phrar̀wng atawa mị̂ chĕd tūd phrar̀wng (Basa Thai: แก้งขี้พระร่วง, ไม้เช็ดตูดพระร่วง) anu hartosna 'ngusap kayu handap'. Legénda Thailand nyarios yén Phra Ruang (Raja legendaris Dinasti Sukhothai) ngusap imbitna nganggo éta tangkal .[5] Di Sri Lanka heartwood tina tangkal (disebutna gurenda, ගුරෙන්ද) dipaké salaku ubar tradisional ayurvedic pikeun ngalawan sipilis, cacar.[6]
Celtis timorensis hirup di leuweung , jangkungna bisa nepi ka 25 m. Oblate nepi ka lonjong, jegjreg 3 urat daun panjangna 50–130 mm. Sanajan tangkalna kawas Cinnamomum iners dina daunna 3 urat, éta bisa gampang dibédakeun dina wujud daunna. Siki, dibungkus ku buah anu panjangna 7–11 mm, teuas jeung kuat.[4]
Kembangna majemuk ( Inflorescence) - kembang jalu semu héjo, purek; kembang bikangna leuwih leutik
Tangkal ieu kapanggih di sakuliah wewengkon tropis Asia, ti India jeung Sri Lanka, nepika Indo-China, China kidul jeung Malaysia nepi ka Philipina. Kapanggih ogé di pulo Christmas, masih kénéh wewengkon Australia di laut India. [4] Tumuwuh di leuweung hujan musiman anu langkung garing.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |