Kuku nyocog ka jero kulit indung suku granuloma | |
ICD-10 | L60., Q84.3-Q84.6 |
ICD-9 | 703, 757.5 |
DBPanyakit | 23092 |
MedlinePlus | 003247 |
eMedicine | orthoped/421 |
MeSH | D009260 |
Kékéongeun (onychosis) nyaéta salah sahiji panyakit kuku atawa déformitas kuku.[1] Sanajan kuku mangrupa struktur nu dihasilkeun ku kulit jeung mangrupa panglengkep kulit, kékéongeun mah mibanda klasifikasi nu béda lantaran tanda jeung gejala nu béda sorangan nu patali jeung kondisi médis lianna.[1] Sawatara kondisi kuku nu némbongkeun tanda-tanda inféksi atawa bareuh, meureun waé merlukeun ubar médis kalawan inténsif.[1]
Ngariksa kuku ogé bisa jadi salah sahiji cara pikeun ngajaga kondisi internal awak. Panyakit kuku bisa teu katara pisan jeung kudu diriksana ku dokter kulit sarta fokus dina widang kadokteran anu tinangtu. Téhnisi kuku nu mimiti nyatet parobahan lemes dina kaséhatan kuku.[2][3][4]
Kuku anu leuleus téh patali jeung kakurangan zat besi atawa pasualan tiroid[5], jeung gangguan fungsi ginjal. Lian ti éta, aya psoriasis sarta kakurangan asam folat, protéin, jeung vitamin C. Kakandelan kuku mah teu biasa dikaitkeun jeung pasualan sirkulasi.
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |