Mohammed Bassim Rashid ( Basa Arab: محمد باسم) dibabarkeun ping 3 Juli 1995. Anjeunna téh salah saurang pamaén bal ti Palestina sarta ayeuna maén keur Persib Bandung jeung tim nasional Paléstina.[1] Rashid didatangkeun ti tim divisi 2 Arab Saudi Al-Jeel kalayan bébas waragad transfer sabab kontrakna béak ping 6 Juni 2021.[2] Saméméhna ogé di Liga Palétina kungsi gabung ka Tim Al-Quds Hilal jeung Al-Bireh.[3]
Dina ping 17 Juni 2021, Anjeunna nandatanganan kontrak sataun jeung klub Liga 1 Indonésia Persib Bandung.[2] Rashid anu jangkungna 183 cm téh datang ngaganti Farshad Noor anu miboga posisi anu sarua salaku gelandang tengah atawa gelandang serang.[3] Anjeunna ngalaman maén mimiti sacara profésional waktu ngéléhkeun Barito Putera 1-0 dina ping 4 Séptémber 2021. Dina ping 11 Séptémber 2021, Rashid nyitak gol kahijina jeung kaduana keur Persib Bandung dina Liga 1 2021-2022, waktu ngéléhkeun Persita Tangerang 2-1.[4] Di Persib Bandung, Rashid ngagunakeun nomer 74.[2]
Rashid kaasup kana tim Paléstina dina Piala Asia AFC 2019 di Uni Émirat Arab. Di Timnas Paléstina, Anjeunna geus ngalakonan 15 kali maen dina sakabéh abenan. Pangahirna, ping 15 Juni 2021 ngalawan Yaman dina abenan Kualifikasi Piala Dunia 2022 Qatar.[2]