Nepenthes glabrata | |
---|---|
Kantong paranti néwak mangsa bagian luhur Nepenthes glabrata | |
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae |
Klad: | Angiospermae |
Klad: | Eudicotidae |
Ordo: | Caryophyllales |
Kulawarga: | Nepenthaceae |
Génus: | Nepenthes |
Spésiés: | N. glabrata
|
Ngaran binomial | |
Nepenthes glabrata | |
Sinonim | |
|
Nehenthes glabarata nyaéta tutuwuhan tropik jinis kantong semar éndemik ti Sulawesi[4][5]. Ieu tutuwuhan téh kawilang khas upama dibandingkeun jeung jinis kantong semar séjénna. Ngaran Latin glaber haritna "teu buluan", nu katémbong tina sakum awakna nu mémang taya buluan.[6] Ieu henteu saperti jinis kantung semar séjénna dina génus nu sarua. Nu matak ieu tutuwuhan téh disebut ogé minangka kantong semar gundul.[7]
Ngaran ilmiah pikeun ieu spésiés dijieun ku dua pihak dina waktu anu ampir babarengan, nyaéta ku Shigéo Kurata nu méré ngaran Nepenthes rubromaculata dina tahun 1984 (6 Februari)[8], sarta ku R. Turnbull jeung Annet T. Middleton minangla Nepenthes glabratus taun 1984 (10 Februari).[9] Ngaran anu diajukeun ku Kurata téh mangrupa sasaruaan ngaran pikeun hibrida (hasil silang), nu matak dianggap teu sah.[10] Ku kituna ngaran Nepenthes glabrata dipaké minangka ngaran anu leuwih merenah.[11]
Ieu spésiés téh asup kana Red List IUCN[12]. Di Indonésia, Nepenthes glabrata kaasup tutuwuhan anu dilindung.[7][13] Nepenthes glabarata asup kana kelompok Nepenthes tentaculata, atawa hamata jeung lima spésiés séjénna ti Kalimantan jeung Sulawesi, nyaéta: N. hamata, N. muluensis, N. murudensis, N. nigra, jeung N. tentaculata.[14]
Spésimén anu kapanggih némbongkeun kamampuhna pikeun ngareuy nepi ka 10 - 13 méter ka luhur, nepi ka tungtung areuyna ngaleuwihan pucuk tangkal.[6][15] Ukuran tangkal anu geus dewasa bisa nepi ka 4 inci.[16] Saliwat mah wangunna méh sarua jeung Nepenthes pitopangii tapi bisa dibédakeun tina wangun kantong jebak lebah luhurna.[17] Kantongna katémbong béda ti jinis kantong semar séjénna, nyaéta lantaran boga dua jangjang nu manjang di lebah hareupna. Iwal ti éta, kantong jebakna téh ipis nu matak mindeng katingali saperti transparan. Rupana beuki camperenik ku warna belang bodas atawa konéng pastél nu diseling ku tutul-tutul beureum atawa gandaria.[18]
Dina unggal tungtung daunna aya areuy anu dina congona aya kantong husus pikeun ngajebak mangsa sabangsaning arthropoda.[6] Sato anu asup kana ieu kantong gunana pikeun nambahan nutrisi penting nu ngajadikeun ieu tutuwuhan bisa hirup dina tempat anu ékstrim, lantaran kurangna rupa-rupa mineral.[6] Wangun kantong jebakna semu élips, panjangna nepi ka 7 cm jeung rubakna 3,5 cm. Bébédaanna bisa katémbang tina lebah hareup jebakanna. Warna kantongna éndah, kalawan konsistén aya kelir bodas atawa pias semu konéng tutul-tutul beureum, atawa ungu manjang.[6] Kantong jebak bakal robah warna luyu jeung umurna waktu sawawa.[19] Ukuran kantong jebak palebah handap leuwih leutik jeung buntet ti batan kantong jebak anu luhur.[20]
Ieu kaasup tutuwuhan nu hirup di dataran luhur.[21] Kapanggih di sabudeureun Sulawesi Tengah, Indonésia, di antara 1.600-2.000 ti luhur beungeut laut.[6] Nephentes glabarata tumuwuh kalawan subur dina habitat anu teu kaiuhan, nyaéta tempat anu langsung katojo ku cahya panonpoé.[22] Di alam liar, Nepenthes glabrata kapanggih hidup jeung spésiés séjénna saperti Nepenthes maxi, jeung Drosera burmanni.[17]
Nepenthes glabarata kiwari geus dibudidayakeun minangka tutuwuhan hias anu boga ajén ékonomi kawilang luhur, utamana pikeun koléktor di Éropa (Jerman[23], Inggris), Amérika, jeung Selandia Baru.[16][24][25] Ieu tutuwuhan kaasup éksotis pikeun koléktor di sabudeureun dunya, sarta hasil budidayana dijual-beulikeun sacara internasional.[16] Ukuranna anu kawilang leutik matak cocog pikeun dipiara dina terarium.[24] Ieu tutuwuhan bisa dibudidayakeun ku cara kultur jaringan[24] . Iwal ti dicébor kalawan rutin sangkan média pelakna kajaga lembab, sakali-kali bisa diparaban ku gegeremet, saperti laleur, atawa simeut leutik.