Nepenthes gracilis | |
---|---|
![]() | |
Nepenthes gracilis | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | gracilis
|
Ngaran binomial | |
Nepenthes gracilis |
Nepenthes gracilis nyaéta tutuwuhan karnivora tina génus kantong semar (Nepenthes) anu ukuranna leutik.[1] Sumebarna umumna di Brunei Darussalam, Indonesia (Sumatera[2], Kalimantan, Sulawesi), Malaysia (Sabah, Sarawak, Semenanjung Malaysia), Singapura[3], jeung Thailand.[4][5]
Panjang areuyna bisa nepi ka 5 méter. Kembangna aya anu kelir bodas, héjo, kayas atawa coklat. Panjang tutup buahna 14-35 mm.[5] Kandel batang areuyna 5 mm.[6] Daunna kandel jeung kaku, tanpa catang,[7] panjangna 15 cm, rubak 3 cm, congona seukeut, kana arah tanglana beuki leutik, areuyna 7-15 cm. Kantong handap jeung rosét wangunna buleud sarupa endog ti bagian 1/4-1/3 handap, jeung 2/3 bagian luhur wangunna silindris, jangkungna 10 cm, rubak 3 cm. Jangjangna dua, rubakna 3 mm, sisina aya rumbai atawa rambut getar, manjang ti luhur ka handap kalawan pinuh.[8] Liang bahamna buleud saperti endog, panjang 2,5 cm, rubak 1,8 cm. Panutup liangna buleud jeung bagian puhuna saperi wangun jantung, panjang kira-kira 2 cm, rubak 2 cm.[6][9]
Puhu tangkal jeung akar Nepenthes gracilis rélatif katutupan ku gundukan sirung jeung akar, ari bagian daun, kantong jeung batangna mah ngarambat nuturkeun datangna cahaya panonpoé (tempat nu nembrak).[10] Jumlah kantong tina ieu tutuwuhan bisa béda, gumantung tempatna hirup.[11] Dina leuweung kerangas nu nembrak jumlah kantongna leuwih réa ti batan anu hirup di tempat nu kaiuhan. Ieu mangrupa pangaruh tina intensitas gahaya panonpoé.[10]
Nepenthes gracilis nyaéta spésiés kantong semar anu pangréana kapanggih dina rupa-rupa tipeu leuweung. Ieu tutuwuhan bisa tumuwuh jeung baranahan kalawan hadé di hutan kerangas nu nembrak, jeung leuweung kerangas nutup kanopi tatangkalan. Kamampuhna anu kawilang hadé pikeun adaptasi di lingkungan anu ékstrim. Jumlah individu Nepenthes gracilis bakal ngaronjat upama dibandingkeun jeung jinis Nepenthes linanna di leuweung kerangas nu geus nembrak. Jumlah individu Nepenthes gracilis anu luhur jadi indikasi yén ieu tutuwuhan mangrupa jinis panaratas dina leuweung kerangas anu teu kaiuhan ku tatangkalan.[10]
Nepenthes gracilis rélatif mampuh tumuwuh dina lahan anu nembrak, upama masih aya lapisan ipis anu nutupan akarna. Dina kondisi cahaya anu pinuh, bisa adaptasi kalawan kondisi gundukan rungkunna tumuwuh leuwih gancang, nepi ka akarna katutupan ku rungkun tangkal, daun jeung kantong nu tumuwuh rapet dina jumlah anu réa. Tapi, lamun kondisina kieu, mangka tumuwuhna téh jadi pendék kalawan ukuran catang, daun jeung kantong anu leuwih leutik dibandingkeun jeung anu hirup bari akarna katutupan ku dangdaunan buruk jeung kaiuhan ku tatangkalan nu leuwih jangkung.[10]
Réana jumlah individu Nepenthes gracilis anu kawilang luhur dina lahan anu nembrak jeung boga lapisan gambut atawa dangdaunan ligar nu ipis. Nepenthes gracilis réa kapanggih dina lahan anu boga pH rélatif handap. Nepenthes gracilis mampu hirup jeung kantong semar jinis séjénna. Tapi, hirupna kawilang leuwih lila ti batan jinis lianna saperti Nepenthes rafflesiana jeung Nepenthes ampularia.[10]
Saperti kulawarga kantong semar séjénna, Nepenthes gracilis kaasup tutuwuhan handap anu boga kamampuh pikeun ngahakan gegeremet (serangga) nu matak digolongkeun minangka tutuwuhan karnivora jeung umumna hirup dina taneuh anu ngandung saeutik unsur hara.[12] Éta kamampuh ngahakan sato téh mangsupa cara pikeun ieu tutuwuhan sangkan bisa ngungkulan kakurangan nutrisi tina taneuh.[13]
Dumasar kana Undang-Undang No.5 taun 1990 ngeunaan Konservasi Sumberdaya Alam Hayati dan Ekosistemnya jeung Peraturan Pemerintah No. 7/1999 ngeunaan Pengawetan Jenis Tumbuhan dan Satwa, Nepenthes gracilis kaasup tutuwuhan anu dilindung ku nagara, ieu hal sajalan jeung régulasi Convention on Internasional Trade in Endangered Species (CITES)[14] anu ngasupkeun ieu tutuwuhan kana Appendix II.[13] Iwal ti éta asup ogé kana status IUCN minangka Least Concern.[4] Pikeun ngajaga sumebarna ieu tutuwuhan, sawatara usaha budidaya geus dilakukeun. Di antarana ku cara kultur jaringan.[15]
Ieu spésiés dipikawanoh ogé ninangka bahan ubar tradisional pikeun panyakit kanker, batuk, diabétés jeung kaséhatan panon. Mékanismeu adaptasi kana lingkungan ngajadikeun Nepenthes gracilis boga poténsi sacara fisiologis pikeun ngalakukeun prosés métobolot sékunder anu haislna bisa dimanfaatkeun minangka senyawa kimia tutuwuhan nu boga poténsi pikeun bahan ubar.[10] Nepenthes gracilis boga poténsi ajén ékonomi pikeun dimanfaatkeun kalawan optimal, nyaéta minangka tutuwuhan hias. Di sawatara nagara saperti Jepang, Éropa, Amérika jeung Australia, kantong semar dijieun pepelakan hias pilihan anu éksotis, tapi di Indonésia can pati dipaké.[15]