Paku hurang | |
---|---|
Stenochlaena palustris ti Galing, Kabupatén Sambas | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | S. palustris
|
Ngaran binomial | |
Stenochlaena palustris | |
Sinonim | |
Polypodium palustre Burm. f., 1768[2] |
Paku hurang; lemiding; (Stenochlaena palustris) nyaéta hiji tutuwuhan paku anu asalna tina kulawarga Blechnaceae. Pucuk ogé daun ngorana bisa dimangpaatekun salaku bahan sayureun.
Paku hurang mibanda ngaran daérah anu béda-béda, kayaning: miding, mělat, akar pakis (Mly.); lambiding (Ac.); lamidin (Sim.); pau rara (Mand.); paku limbéh (Min.); paku hurang (Sd.);[5] pakis bang (Jw.); lemiding, remiding, pakis mérah (Mly. Ptk.); bampésu, maja-majang (Mak.); bempésu, wéwésu (Bug.)[6]. Di Kalimantan kidul jeung Kalimantan Tengah tutuwuhan ieu disebut kelakai atawa kalakai.
Paku ieu hirup dina taneuh, ngampar panjang nepika 5–10 m. Rimpang panjang sakapeung katempo ngarambat, kuat, gepéng masagi, gundul sakapeung katempo aya sisitan, aya ogé anu bijil dahan/régang.[7]
Daunna dina dua kaayaan anu rada béda: steril jeung fertil. Duanana gaduh panjang antara 40–80 cm, kalayan gagang 15 –20 cm jeung 8–15 pasang anak daun, dibarengan hiji anak daun terminal (tungtung). Anak-anak daun lateral biasana gaduh pelebaran sapertos lobus/cuping di handap (puhu), anu henteu dipimilik ku tungtung anak daun; anak-anak daun di palebah luhur (beuki ka tungtung beuki leutik) ilaharna leuwih leutik. Tulang daun utama/panengah katempo ngajalur (lekukan) di sisi luhurna. Anak-anak daun dina daun steril gagangna pendék; wujudna jorong heureut, ilaharna 15 × 3 cm, kurang leuwihna; lemes, hérang, héjo kolot, pias di sisi handap; tungtungna rérégéan; mibanda kelenjar di tungtung anak daun deukeut puhu. Anak-anak daun dina daun fertil wujudna gurat, lk. 20 cm × 3 mm, palebah handapna pinuh ku sporangia.[8]
Paku hurang hirup tur nyebar sacara alami di Asia tropis, mimiti ti palebah kulon India , ka Asia Tenggara tuluy nyebar nepika ka puloan Nusantara, tuluy ka Polinesia jeung Australia.[6][8]
Hirup dina tempat anu perenahna di palebah 900 mdpl ogé di leuweung - leuweung urut dituaran kaina utamana anu deukeut kana cai, deukeut muara, leuweung babakoan, di taneuh keusikan, hususnya di sapanjang sisi susukan atawa hulu cai.[6] Paku ieu loba kapanggih hirup di daérah landeuh atawa lebak, di tempat anu negrak, leuweung sekunder, sarta remen kapanggih hirup di rawa-rawa, kaasup rawa gambut. Sakapeung katempo hirup dina tangkal di leuweung anu negrak.[8] Sakapeung hirup ngarungkun sababaraha rungkun, malah katempo kawas paku resam (Dicranopteris linearis (Burm.) Clarke.).[5]
Daun-daun u ngora katempo semu beureum, kawas hurang anu diasakan; ukutu téh ieu tutuwuhan paku sok disebut paku urang (paku hurang). Daun ngora anu masih kénéh ngaringkel dijadikeun bahan sayureun,tapi saméméhna kudu diseupan. Atawa dikulub heula.[6] Di Sambas, daun paku hurang angrupakeun alahsahiji bahan penting pikeun nyieun bubur kesum atawa bubur pedas.
Di Jawa, paku hurang ieu kurang dipikawanoh dina pamangpaatanna. Di Sumatra, daun ngorana sok disayur.[5] Di Sulawesi, abada diolah, tangkalna anu ngarambat wewesu dimanfaatkeun salaku gaganti hoé salaku tali paragi meungkeut, dianyam pikeun nyieun bubu lauk, aya ogé dianyam pikeun nyieun beubeur ikat pinggang, malahan akaran baheula dimangpaatkeun salaku jangkar parahu. Numutkeun Rumphius, rimpang ieu kacida kuat henteu gampang pegat, sarta dina mangsa kakeueum cai laut ieu leuwih kuat tibatan hoé. Di kapuloan Boné ogé di Karimun.[6] Rimpangna anu teuas dipaké bubu lauk di Kapulauan Karimun, Jawa, jeung Malaysia akapeung dipaké ogé salaku bahan pikeun nyieun karinjang/jingjingan. [5]