Rebana nyaéta waditra tepak, pungsina minangka ritme anu sipatna atonal. Asal kecapna tina kecap Arbana/Arbaa anu hartina opat[1]. Rebana atawa anu biasa disebut terebang ieu téh mangrupa waditra anu asup kana pintonan: genjring, gemyung, rudat, tagoni, qosidah, jsté[2].
Rebana kahiji disebut rebana opat, rebana kadua disebut rebana lima, rebana katilu disebut rebana genep. Sebutan-sebutan ieu ngagabung dina wanda pintonan ketimpring[1]. Rebana opat biasa disebut bawa, sabab ieu rebana miboga pungsi pikeun mawakeun intro lagu. Rebana lima sok disebut nyikut, sabab rebana ieu miboga pungsi pikeun nyikut garapan rebana opat[1]. Rebana genep disebut nyeling sabab pungsina pikeun nyelingan sora antara rebana opat jeung rebana lima[1].
Waditra terebang dijieun tina bahan kai, biasana ngagunakeun kai sawo jeung kananga[1]. Sedengkeun kulit anu digunakeun nyaéta kulit embé jeung kelenci[1] i. Bahan panglengkep séjénna nyaéta cét, rotan, paku jeung ranté. Bentukna buleud, diwangun tina sababaraha bagéan:
Ieu waditra dimaénkeun ku cara ditepak ku dampal leungeun katuhu, sedengkeun leungeun kénca nyekel terebang. Bagian waditra anu ditepak nyaéta bagian rarayna anu dijieun tina kulit pikeun ngahasilkeun sora[1][2]. Waditra terebang biasana digunakeun pikeun mirig lagu-lagu wanda Islami kalayan lirik-lirik anu eusina ngagungkeun kaagungaan Pangéran[1]. Wanda-wanda pintonan terebang di antarana: terebang beluk nu aya di Kadupandak, Kabupatén Cianjur, terebang gedé di Banten[2].
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |