Saninten | |
---|---|
![]() | |
Perangko buah saninten | |
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah ![]() | |
Karajaan: | Plantae |
Klad: | Angiospermae |
Klad: | Eudicotidae |
Klad: | Rosids |
Ordo: | Fagales |
Kulawarga: | Fagaceae |
Génus: | Castanopsis |
Spésiés: | C. argentea
|
Ngaran binomial | |
Castanopsis argentea | |
Sinonim | |
|
Saninten, Castanea argentea nyaéta hiji tutuwuhan anu asalna tina kulawarga fagaceae.[2] Saninten dina basa Indonésia sok disebut ogé berangan atawa rambutan leuweung, kulit buah saninten carucukan béda pisan jeung rambutan anu kulitna hipu. Saninten anu dimangpaatkeun tayalian sikina diasakan kujalan dibeuleum atawa dikulub, dina basa Inggris saninten disebutna “sweet chesnut".[2]
Saninten mibanda 120 jinis anu kapanggih hirup timimiti India wétan nepika China beulah kulon, Koréa, Jepang, ngaliwatan Indo-China ogé Thailand, tuluy nyebar ka Malaysia kajaba pulo Jawa bagian wétan kapanggih ogé hirup di kapuloan Sunda leutik. 58 rupa mangrupa pituin ti nagara China, kalawan anu 30 rupa kagolongkeun maneuh di China.[2][3]
Jangkung tangkal saninten bisa nepi ka 35 malaha 40 meter. Kulit tangkalna mibanda kelir hideung, karadak jeung rarengat. Katempo gurat-gurat ngajendul di luar, ieu tayalian gurat empulur anu nyenghol ka luar. Saninten, sok disebut ogé tangkal berangan.
Daun nunggal, bijil paselang-seling, wujudna méncos panjang (lanset). Daun palebah luhurna katembong semu bodas kawas ngandung lilin, palebah handap kelirna kulawu semu pérak kalawan disimbutan ku bulu anu kandel.[4] Tangkal saninten buahan dua taun sakali, sanajan buahan noron sataun sakali sok tara aya sikian. [4]
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |