Ta'awudz, ta'udz atawa isti'adzah[1] mangrupa kalimah nu dimaksudkeun pikeun masrahkeun diri ka Gusti Allah tina sagalaning gogoda sétan nu dikutuk. Ieu ta'udz téh hiji wawakil nu perlu diucapkeun saméméh bismillah ilaharna mah. Ari perkara macakeunana mah boh tarik (jahr, kadéngé) boh laun (sir) teu aya aturanna, ieu minangka du'a nu dibacakeun di awal kagiatan, utamana mah saméméh maca Qur'an.[2]
Hartina nyaéta (kawula mundut panangtayungan Gusti Allah tina gogoda Iblis nu dikutuk), nyaéta masrahkeun diri ka Gusti jeung mundut sangkan disingkahkeun tina godaan sétan ka manusa.
Dina panglawungan resmi jeung déwan élmu, yén nalika ngamimitian maca Qur'an kalawan bajama'ah dina hiji pakumpulan, ieu ta'udz téh mangrupa du'a. Jeung para élmuwan geus sapuk yén ta'udz téh teu kaasup kana ayat al-Quran.
Jeung deuih aya vérsi lian nu ditetepkeun: أعوذ بالله السميع العليم من الشيطان الرجيم
"Abdi mundut pangraksa Gusti nu Maha Ngarungu, Nu Mikaterang tina (gogoda) sétan nu dikutuk"
Mun macakeunna kalawan tarik (jahr) biasana mah dina solat, sangkan kadéngé ku balaréa. Lantaran bacaan solat mah mangrupa prak-prakan nu kauger ku aturan nu tangtu, bacaan ta'udz kadéngéeun ku para ma'mum ieu kaasup ta'udz mangrupa du'a. Mun macana disamunikeun, ma'mum moal ngadéngéeun ta'udz nu geus dibacakeun, ieu bacaan ta'udz teu kaasup mangrupa bacaan solat. Kitu bédana makna maca ta'udz di luar du'a jeung di jero du'a. Ieu mah pilihan dina nywarakeunna ta'udzna, da keukeuh ma'mum gé tetep geus macakeun takbirotul ihrom dina mimiti solat, nu kaasup kana du'a ogé.[4]
Dibacakeun mangsa nungtun ngaji para jama'ah dina kagiatan ngawuruk pangajian.[5]