Teureup (Artocarpus elasticus) nyaéta tangkal leuweung ti kulawarga moraceae.[1] Kaina alus naker pikeun bahan nyieun parahu, bahan bangunan, jeung kabutuhan séjén.[2][3] Teureup mibanda ngaran daérah anu béda-béda kayaning: bakil (Malaysia), torop (Batak), tarok (Minangkabau), kalam (Mentawai), kokap (Madura), erap (Kalimantan).[4] Tangkal teureup mikaresep daérah anu panas tur beueus (lembab), tangkalna ngan bisa hirup dina taneuh anu déngdék, urut urug atawa rempag, sisi susukan jeung gawir.[4] Jangkung tangkalna bisa nepi ka 40-65 méter, régangna kandel, daunna rarubak kelirna héjo, pendul buahna konéng semu coklat, mangsa geus jadi buah méh sarimbag jeung buah kelewih, usum kembangan bulan juni - Agustus.[4]
Kulit luar tangkalna semu coklat katempo rada karadak, upama diturih baris ngaluarkeun geutah/leugeut kelirna bodas, baheula mah geutah teureup anu ilahar disebut "leugeut teureup", dimangpaatkeun pikeun néwak manuk.[4] Siki buah teureup bisa dimangpaatkeun pikeun minyak rambut, kulit tangkalna bisa ogé dipaké pikeun ngubaran nyeri beuteung kitu deui rami atawa rambatna diala pikeun nyieun tali anu engkéna dijujutan, tur dijieun rupa-rupa kamonésan: kantong koja, geulang2, tali, tambang, jeung sajabana.[4] Malahan bisa ogé dimangpaatkeun pikeun ngubaran kasakit miceun waé.[4] Daunna ogé bisa dimangpaatkeun pikeun ubar cacingeun.[2][4]
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |