Universitas Kristen Maranata
(Marnath)
Ngadeg | 11 September 1965 |
---|---|
Jinis | Paguron luhur swasta |
Réktor | Prof. Ir. Sri Widiyantoro, M.Sc., Ph.D., IPU |
Perenah | Jl Surya Sumantri No. 65 Bandung, Jawa Kulon |
Loka | https://www.maranatha.edu/# |
Universitas Kristen Maranatha atawa nu ilahar dipiwanoh Marnath nyaéta salah sahiji paguron luhur swasta nu aya di Bandung, Jawa Kulon.[1] Alamatna aya di Jalan Prof. Drg. Surya Sumantri No.65, Sukawarna, Bandung, Jawa Barat, 40164, Indonésia.[1] Gedung Marnath téh aya dipuseur kota Bandung, hal éta jadi sala sahii hal nu nguntungkeun pikeun Mrnath, ku sabab lokasina babari diaksés.[1]
Sajarah panjang Universitas Kristen Maranatha dimimitian dina taun 1965 ku diadegkeunna Yayasan Perguruan Tinggi Kristen Maranatha ku Badan Pendidikan Kristen Komisi Pembantu Setempat ti Gereja Kristen Indonesia jeung Badan Perguruan Tinggi dan Pendidikan Kristen ti Gereja Kristen Pasundan, tina usulan Perkumpulan Intelegensia Kristen Indonesia cabang Bandung.[1] Fakultas Kedokteran ngamimitian ngadegna Universitas Kristen Maranatha dina wanci harita.[1]
Gedung kampus munggaran nu pernahna di jalan Cihampelas, dibangun dina taun 1970.[1] Nu satuluyna, gedung kampus kadua mimiti dibangun di taun 1983, pernahna di jalan Surya Sumantri.[1] Nepi ka kiwari pangembangan sarana jeung prasarana pakuliahan terus dilakukeun dikampus kadua kalawan lega na wangunan kiwari nyaéta 130.000 meter pasagi.[1] Tanggal 11 September 1965 jadi poé di mana ngadegna Universitas Kristen Maranatha.[1]
Kiwari di Universitas Kristen Maranatha ngawengku 9 fakultas kalawan 3 program diploma, 18 program sarjana, 2 program profesi, sarta 4 program pascasarjana.[1] Jumlah mahasiswa aktif nepi ka kiwari leuwih ti 10.000 urang ti sababaraha wewengkon di Indonésia kitu deui mahasiswa ti nagara séjén.[1]
Kamekaran Fakultas jeung Program Studi di Universitas Kristen Maranatha nepi ka kiwari nyaéta:
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |