Verena Stefan (lahir 3 Oktober 1947 di Swiss) nyaéta féminis jeung panulis Jérman kalahiran Swiss.[1] Anjeunna kasohor dina jagat sastra Jérman, utamana di kaum féminis, kalawan karyana nu mangrupa novél Häutungen (basa Inggris: Shedding).[2] Éta novél nu medal dina taun 1975 téh nyaritakeun kahirupanna di Bérlin taun 1960-an jeung 1970-an. Karyana jadi boga pangaruh pikeun kaum wanoja, nu ngarasakeun pajoangan nu sarua dina ngadéfinisikeun diri jeung séksualitasna tanpa ngacu kana peran génder nu kaku.[3]