Zamia furfuracea | |
---|---|
![]() | |
Zamia furfuracea di Kebon Raya Cibodas, Cianjur. | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Kelas: | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Génus: | |
Spésiés: | Z. furfuracea
|
Ngaran binomial | |
Zamia furfuracea L.f. ex Aiton
|
Zamia furfuracea nyaéta salah sahiji spésiés tutuwuhan rungkun leutik tina kulawarga Zamiaceae. Tutuwuhan ieu asalna tina bioma anu boga iklim tropis baseuh di daérah Méksiko, tepatna di Veracruz. Dina basa Inggris, tutuwuhan ieu katelah cardboard palm. Ngaran ilmiah Zamia furfuracea munggaran diwanohkeun ku Carl Linnaeus the Younger dina taun 1789.[1][2]
Tutuwuhan ieu rungkun tropis anu sanajan mirip palem, sabenerna kagolong kana sikas. Tutuwuhan ieu mangrupa tutuwuhan purba anu geus hirup ti jaman dinosaurus. Biasana, Zamia furfuracea dijadikeun tutuwuhan hias sarta peryogi cahaya sedeng nepi ka caang. Sadaya bagian tutuwuhan ieu miboga racun, tapi bagian sikina anu paling bahaya, malah bisa nyababkeun maot, jadi kudu dijauhkeun ti sasatoan piaraan.[3]
Zamia furfuracea nyaéta rungkun anu jangkung jeung mencolok, kalayan daun badag, sumebar, sarta miboga loba cabang, sahingga cocog dijadikeun hiasan di taman tropis. Tutuwuhan ieu ogé sering dipelak di taman kukupu tropis sabab daunna bisa jadi tempat panyumputan pikeun sababaraha spésiés kukupu. Biasana, tutuwuhan ieu dijieun titik fokus dina susunan tutuwuhan anu leuwih gedé atawa dipelak dina wadah badag di tempat anu caang jeung katempo jelas.[3]
Sanajan éndah, tutuwuhan ieu kacida racunna, sarta nepi ka ayeuna teu aya ubar anu dipikanyaho pikeun ngarawat keracunanana. Racunna bisa mangaruhan manusa (utamana barudak), anjing, jeung ucing lamun dikonsumsi, nyababkeun gejala sapertos lieur, muntah, komo bisa ngabalukarkeun maot. Ku sabab éta, lamun sasatoan piaraan ngasupan bagian mana waé tina tutuwuhan ieu, perlu geuwat dibawa ka dokter hewan pikeun ditangani sacara darurat.[3]