Kaso beurit | |
---|---|
Jukut kaso beurit, Thysanolaena latifolia Simalungun, Sumatra Utara | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
(unranked): | |
(unranked): | |
(unranked): | |
Ordo: | |
Kulawarga: | |
Tribus: | Thysanolaeneae |
Génus: | Thysanolaena Nees[1]
|
Ngaran binomial | |
Thysanolaena latifolia (Roxb. ex Hornem.) Honda[2]
| |
Type species | |
Thysanolaena agrostis Nees[1]
| |
Sinonim | |
Sinonim selengkapnya: The Plant List[4] |
Kaso beurit ; (Thysanolaena latifolia) nyaéta jukut gedé anu asalna tina kulawarga Poaceae.[5] Loba kapanggih hirup di wewengkon India, Indochina, Nusantara, nepi ka Tiongkok kidul jeung Pasifik. Gagang kembangna dikumpulkeun, dimangpaatekun pikeun nyieun sapu.[5]
Kaso beurit ieu ogé dipikanyaho ku sababaraha rupa ngaran daérah sapertos: awis, kaso beurit, tamiang balu, tangtang angin (Sd.); menjalin wuwu (Jw.); lantebung, tabu popo (Mak.); jeung lolo (Gal., Ternate).[5] Dina bahasa Inggris ieu jukut disebut tiger grass.
jmpl|kiri|180px|Malai kembang Hirup nahun sareng ngarungkun. Tangkalna ajeg, jangkung 200–400 cm,[6] heuras, teu mibanda dahan, remen katempo melenod ;[7] tangkal;buluh pejel, padet teu molongo.[6] Ligula (létah palapah) wujud membran teu buluan, panjang 1–2 mm,[6] rompang.[7] Lambaran daun wujudna lanset-lonyod rubak, siga jangat,[7] heuras, nepi ka 30–60 × 3–7 cm; kalayan urat daun anu jelas katempo.[6]
Kembang ngumpul dina malai ageung sareng kabuka dina tungtung (terminal), lonjong atanapi buleud endog, 30–60 × 15–30 cm.[6] Régang-régang anu utama 1-3 di unggal nodus (titik percabangan), sumbuna buluan pendék, bagéan handap bébas spikelet, régang panghandapna nepika 30 cm, mibanda gagang lk. 2 mm.[7] Spikelet (bunga rumput) tunggal atawa sapasang, 1,5–1,8 mm.[7] Kariopsis (bulir buah) lonyod, lk. 0,5 mm.[7]
Kaso beurit loba kapanggih hirup di Asia tropis jeung subtropis[6]: Pakistan, Nepal, India, Srilangka, Bangladesh, Burma, Indochina, Tiongkok tengah jeung kidul, wewengkon Malesia, Taiwan, Filipina, nepi Nugini. Kaso beurit ieu ogé ngarandapan naturalisasi di Mauritius, Seychelles, Zambia, Tanzania, Hawaii, California, Hindia Barat jeung Brazil.[6][7][8][9]
Di Indonesia, Kaso beurit ieu nyebar di kapuloan Sunda Gedé, Sulawesi, Nusa Tenggara, Maluku nepi ka Papua.[6] Mikaresep tempat-tempat anu teu pati negrak, kaso beurit biasa kapanggih hirup ngarungkun sajumpluk atawa hirup jeng tangkal séjén saperti di leuweung hati, kebon awi.[10] Kaso beurit hirup di pipir pasir, gawir , di sela-sela batu, jero rungkun, sisi susukan, kebon jukut, jeung sisi kebon dina jangkung patempatan palebah 150-2.000 m dpl.[7] [10]
Heyne nyebutkeun cenah di Jawa Tengah, mĕnjalin wuwu ini ngahaja dipelak di lamping-lamping anu nangtawing pikeun nahan érosi jeung nyingkahkeun tanah longsor; sagigireun éta dipelak pikeun pager.[5]
Daun-dauna anu ngora dimanfaatkeun pikeun campuran parab ingon-ingon; sareng di Jawa Kulon, malai kembangna dimangpaatkeun pikeun nyieun sapu.[5] [7][10][11]
Thysanolaena latifolia tayalian hiji-hijina anggota marga Thysanolaena anu dipiwanoh; sagigireun éta ogé mangrupi hiji-hijina anggahota Ztribus Thysanolaeneae.[1][12][13].