![]() |
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, punten tong waka diédit atawa dirobah eusina. |
Soegiarto Adikoesoemo | |
---|---|
Gumelar | 1938 (age 86–87)[1]![]() |
Padumukan | Jakarta, Indonésia |
Kabangsaan | Indonésia |
Pagawéan | pabisnis |
Dipikawanoh salaku/lantaran | pangadeg AKR Corporindo |
Harta beresih | AS$730 juta[2](per Désémber 2019) |
Anak | 2, salah sahijina Haryanto Adikoesoemo |
Soegiarto Adikoesoemo (gumelar di Malang, 1938) nyaéta pabisnis jeung miliarder Indonésia. Dina taun 1977, manéhna ngadegkeun jeung jadi présidén diréktur PT Aneka Kimia Raya, pausahaan dina widang kimia nu kiwari miboga ngaran PT AKR Corporindo, sarta ti taun 1992 jadi présiden komisionér di éta pausahaan.[1] Dina taun 2019, manéhna miboga kabeungharan 730 juta dolar Amerika Sarikat nu nyababkeun manéhna aya dina posisi ka-43 ti daptar 50 jelema pangbeungharna di Indonesia numutkeun majalah Forbes.[3]
Soegiarto Adikoesoemo dina taun 1960-an ngadegkeun pausahaan dina widang padagangan bahan kimia nu pernahna di Surabaya, Jawa Wétan. Ieu pausahaan didaptarkeun ku ngaran PT Aneka Kimia Raya dina 28 Nopémber 1977. Saanggeus didaptarkeun, manéhna jadi présidén diréktur di ieu pausahaan sarta jadi présidén komisionér dina taun 1992 nepi ka kiwari. Dina taun 2004, ieu pausahaan ngubah ngaran jadi PT AKR Corporindo nu ngembangkeun usahana ka tilu séktor, nyaéta énérgi, logistik, jeung manufaktur.[1][4]
Soegiarto Adikoesoemo ogé pernah jadi importir sorbitol. Ku sabab manéhna ningali peluang bisnis ti ieu produk jeung lobana bahan baku di Indonésia, manéhna ngadegkeun PT Sorbitol Inti Murni Corporation dina taun 1983 di Pasuruan, Jawa Wétan. Kiwari, ieu pausahaan miboga ngaran PT Sorini Agro Asia Corporindo nu ngajieun sorbitol jeung ngirimkeun ka loba pausahaan global.[1][5]
Soegiarto Adikoesoemo miboga 2 anak. Salah sahijina nyaéta Haryanto Adikoesoemo, koléktor seni, pangadeg The Museum of Modern and Contemporary Art in Nusantara (Museum MACAN), sarta neruskeun Soegiarto jadi présidén diréktur PT AKR Corporindo dina taun 1992.[6][7]