Jaya Suprana (Ngaran lahirna Phoa Kok Tjiang; gumelar di Dénpasar, Bali, 27 Januari 1949; umur 76 taun[1]) nyaéta salah saurang pangusaha, pamawa béwara acara tipi, komposér jeung pamaén piano anu kawentar di Indonésia.[2] Anjeunna anu ngadegkeun Musium Rékor Indonésia (MURI) sakaligus jadi dirékturna.[2] Mangsa keur leutik Jaya dirorok ku papasangan kulawarga Lambang jeung Lily Suprana.[2] Anjeunna sabenerna mah katurunan Tiongkok, tapi digedékeun di lingkungan kulawarga Jawa.[2] Anjeunna nikah jeung Julia Suprana tapi nika maranéhna pipirakan teu boga budak biologis.[2] Jaya pernah sakola di Musikhochschule Muenster jeung Folkwanghochschule Essen di Jérman.[2]
Sabérésna sakola di Jérman, Jaya ngamimitian nyieun musikna sorangan. Lian ti éta, tiap minggu anjeunna ogé jadi présénter di Jaya Suprana Show, hiji acara tipi wangun talkshow.[2]
Lian aktivitas musik jeung senina éta, anjeunna ogé ngajabat minangka Présidén Diréktur di PT Jamu Jago, hiji parusahaan ubar hérbal nu kasohor di Indonésia.[2] Saméméhna anjeunna jadi Présidén Diréktur mah, anjeunna téh ngajabat minangka Diréktur Marketing di parusahaan PT Jamu Jago téh.[2] Parusahaan éta parusahaan milik kulawargana sorangan.[2] Ku kituna, Jaya Suprana gé jadi pupuhu komisionér parusahaan anu puseurna di kota Semarang, Jawa Tengah.[2]
Anjeunna ogé ngadegkeun hiji panyatetan rékor pangkakoncarana di Indonésia nyatana Musium Rékor Indonésia nu katelah ku singgetanna MURI jeung sakaligus anjeunna nu ngajabat minangka dirékturna.[2] Anjeunna ogé ngadegkeun hiji panti asuhan anu dingaranan Panti Asuhan Rotary-Suprana.[2]
Suprana boga hak ngagunakeun gelar PhD widang filosofi jeung élmu sosial anu dimeunangkeun ku anjeunna di Pacific Wéstern University.[2]