Rosihan Anwar nyaéta salah sahiji inohong pers Indonesia (gumelar di Kubang Nan Dua, Sumatera Barat, 10 Méi 1922 – tilar dunya di Jakarta, 14 April 2011 dina umur 88 taun) .[1] Kasohor ogé minangka sastrawan jeung budayawan.[1] Anak kaopat ti opat sapuluh sadudulur putra Anwar Maharaja Sutan.[2] Nganggeuskeun sakola rayat (HIS) jeung SMP (MULO) di Padang.[2] Nuluykeun atikanana ka Yogyakarta.[2] ti dinya mindeng miluan sawatara workshop di jero jeung di luar negri kaasup di Yale University jeung School of Journalism di Columbia University, New York, Amerika Serikat.[2]
Kairut kana dunya jurnalistik ti jaman perjuangan kénéh.[1] Ngamimitian karirna dina widang jurnalistik minangka réporter Asia Raya nalika jaman pamaréntahan Jepang taun 1943 nepi ka jadi pingpinan redaksi Siasat (1947-1957) jeung Pedoman (1948-1961).[2] Salila genep taun ngajabat jadi Ketua Umum Persatuan Wartawan Indonesia (PWI).[2]
Bareng jeung Usmar Ismail, Rosihan Anwar ogé jadi salah sahiji inohong nu boga peran dina ngadegna Perusahaan Film Nasional(Perfini) taun 1950.[1] Salian ti éta, Rosihan ogé ilubiung dina pilem nasional Tjut Nyak Dien taun 1988.[1]
Nalika jaman bajoang kénéh, Rosihan kungsi diculik ku pihak Walanda ka Bukitduri, Jakarta Selatan.[1] Tuluy di jaman pamaréntahan présidén Soekarno, koran milikna, Pedoman dina taun 1961 ditutup ku rézim pamaréntahan mangsa harita.[1] Tapi dina jaman pamaréntaha Orde Baru, Rosihan meunangkeun panglélér minangka wartawan ti saméméh Revolusi Indonésia kalawan anugrah Bintang Mahaputra III bareng jeung tokoh pers Jakob Oetama.[1]
Taun 2007 Rosihan Anwar jeung Herawati Diah nu nyieun Persatuan Wartawan Indonésia (PWI) di Surakarta taun 1946 dilélér Life Time Achievement atawa Prestasi Sepanjang Hayat ti PWI Pusat.[2]
Artikel ngeunaan biografi inohong ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |