Tétén Masduki nyaéta salah sahiji aktivis anti korupsi Indonesia (gumelar di Limbangan Garut, 6 Méi 1963; umur 61 taun).[1][2] Sanggeus tamat ti SLTA, manéhna nuluykeun ka Jurusan Ilmu Kimia dan Matematika IKIP Bandung.[2] Minangka mahasiswa, manéhna loba ngayakeun sawala ngeunaan pamikiran filsafat sosial.[2] Lulus ti IKIP, manéhna digawé minangka guru di SMKK Tangerang (1986-1990).[2] Kungsi milu kursus salila 3 bulan di Tunisia taun 1990.[1] Mimiti gawé di LSM dina Institute of Human Rights Information and Studies (INSAN), salah sahiji organisasi ngeunaan informasi jeung studi Hak Asasi Manusia.[1]
Taun 1990 Tétén eureun jadi guru tur ancrub sagemblengna di LSM.[2] Tuluy ngagabung jeung Yayasan Lembaga Bantuan Hukum (YLBH) di Jakarta minangka Pupuhu Divisi Perburuhan.[2] Sanggeus 9 taun di Divisi Perburuhan, manéhna tuluy jadi Koordinator Badan Pekerja di Indonesian Corruption Watch nu dijieun ku YLPBI.[2] Ngaran Tétén kasohor nalika ngabongkar kasus suap Mayjén Andi M.Ghalib minangka Jaksa Agung nalika pamaréntahan B.J Habibie.[2]
![]() |
Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |